Get Gifs at CodemySpace.com

This is default featured post 1 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 2 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 3 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

Minggu, 01 Mei 2011

Neang Paraji



Ku : Dadan Sutisna

 Keur maturan ngaronda peuting eta teh. Atuda di lembur keur meujeuhna usum bangsat.
"Geus jam sabaraha, Dun?" cek kuring, ka Si Sadun.
"Kakara oge jam sapuluh. Ku naon, geus hayang balik?"
"Teu pisan-pisan ari hayang balik mah, kuriak dicarekan ku Pa Erte, heg didengda, apan cilaka tah!"
"Keun bae, da maneh mah lain bagean ngaronda ieu. Ukur maturan lin, di dieu oge?"
"Heueuh, nyingkahan mitoha puguh oge. Lain, meujeuhna meureun mun ngadurukan. Geura ngumpulkeun regang ka dituh, urang meuleum sampeu!"
"Sampeu ti mana?"
"Naha make tatanya sagala, biasana oge apan nyabut ti kebon Mang Haji. Geus apaleun ieuh, sok diala ku nu ngaronda!"
"Dagoan atuh!" Si Sadun ngaleos rek ngumpulkeun regang. Ari Si Kasim mah keur ngaringkuk disimbut sarungna. Kerekna mani kuar-kieur.
Sabot Si Sadun neangan regang, katembong rentang-rentang aya nu leumpang ngagedig. Sugan teh bangsat. Basa geus nepi ka nu caang, katembong kumisna jalatreng. Nyoren bedog, make calana kampret. Sidik pisan Bah Wirya, mitoha kuring.
"Aya Si Astahiam di dieu?" pokna, satengah ngagorowok. Si Kasim nu keur hees nepi ka ngorejat atuh, asa kagareuwahkeun.
"Mana bangsatna, ku aing urang bebek!" Si Kasim hut-het.
"Sare deui, Kasim. Euweuh nanaon da!" cek kuring.
"Tah geuning, kalahka ngajedog di dieu. Na aya minantu nurustunjung teuing!" Bah Wirya ngadeukeutan.
"Aya naon, Bah?" kuring rada murengked. Mani asa sabekbekeun ditonjok ku peureupna nu sagede sirah orok.
"Lain aya naon-aya naon. Cik atuh, kawas hirup lalagasan bae. Teu karuh-karuh ngajedog di garduh. Bagean ngaronda lain. Piraku ku aing diserahkeun!"
"Har, da uing mah lain pamajikan Abah. Pantesna oge uing nu nyerahkeun mah, nyerahkeun anak Abah. Tapi da moal, bogoh keneh!"
"Teu uyahan, siah. Piraku dicacag mah ku aing. Ukur ngariweukeun kolot pagawean teh!"
"Enya, aya naon atuh?"
"Si Nyai karasa beuteung!" pokna, bari muril-muril kumis, siga adu-hareupan jeung satru bae. Rada ngagebeg ngadenge kitu mah.
"Nu bener, Bah?"
"Iraha kitu aing ngabohong?"
"Kamari. Cenah Abah rek ka sawah, geuning kalah ka nyimpang ka randa Esih?"
"Gandeng, siah. Kumaha mun aya Si Ambu!"
"Enya kitu Si Nyai teh karasa beuteung?"
"Ambuing, acan percaya keneh?"
"Enya, percaya, percaya. Jadi ayeuna teh kudu neang paraji meureun. Kitu pan maksud Abah teh. Siap lah!" kop kana senter, gedig waeh indit. Katembong sareretan Bah Wirya olohok, siga engab rek nyarita, tapi teu kaburu da kuringna ngaleos manten. Basa direret ka tukang, siga rek nyusul. Lengkah gancang dikerepan.
Misah lembur imah Nini Paraji teh. Kudu ngaliwatan heula sawah, kebon, meuntas walungan, terus nanjak. Jalan satapak nu disorang poek mongkleng. Cacak lamun henteu mawa senter mah, boa kudu kakarayapan. Boa terus tikosewad mah, ngajuralit kana gawir. Palias teuing.
Basa kuring keketrok, Nini Paraji siga geus bebenah rek sare. Eta we, mukakeun panto teh siga lulungu keneh.
"Rek dibawa ka mana Si Nini, ulah diiwat Sujang!" cek salakina.
"Na aki-aki teh, kawas nu ngalindur bae. Aya nu rek ngajuru deuleu!" Nini Paraji muncereng. "Hayu Sujang, antepkeun weh aki-aki tujuh mulud mah!"
Lempang sakitu jauhna, bari nuturkeun nini-nini, puguh bae lila. Tengah peuting kakara nepi ka lembur. Nu ngaronda geus euweuh di garduh, sigana mah keur ngurilingan lembur. Basa rek nepi pisan ka imah, katembong aya nu mawa obor. Kang Obay singhoreng teh.
"Rek kamana?" cek kuring, basa geus aduhareupan.
"Rek neang paraji puguh oge. Pamajikan karasa beuteung,"
"Ieu Nini Paraji mah geus kabawa ku kuring,"
"Etah geuning hideng?" Kang Obay semu bungah.
"Lain hideng, da kuring mah dititah Si Abah!"
"Baruk, Si Abah rek boga deui budak. Na iraha Si Ambu kakandungan, asa teu katembong bureuyeungna?"
Henteu diwaro.
Basa rek nepi pisan ka golodog, Bah Wirya geus ngajanteng bari nulak cangkeng.
"Na aya minantu nurustunjung teuing. Keur nanahaon make neang paraji?" pokna, bari jalang-jeleng.
"Har, apan Si Nyai karasa beuteung, lin?"
"Abong jelema ngalindur. Kawas lain ka pamajikan bae. Na iraha Si Nyai kakandungan? Nyeri beuteung soteh, lantaran beurangna tas ngadahar rujak. Ka dieu siah, disurilam ku dewek geura!"
"Aeh, heueuh, nya!" kuring nepak tara, kakara sadar. "Tapi Bah, da kuring mah mangneangkeun paraji soteh, keur Kang Obay, pamajikanana rek ngajuru!"
"Wadul siah. Ka dieu, tuh Si Nyai haharegungan keneh. Ngala pucuk jambu anggursi!"
Kuring ngareret ka Kang Obay.
"Mangga bae candak Nini Paraji mah, Kang Obay. Ngan engke balikna, wayahna panganteurkeun!"
"Nuhun atuh!"
Nini Paraji tibang gogodeg.***
 

Jumat, 22 April 2011

KARINDING

        Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, anu nyieun karinding tina palapah kawung. Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas.
1. Cara midangkeun
Cara midangkeun karinding ditepakan tungtungna ku curuk sahingga ngageter, terus baham jadi resonansi sora keur ngatur wirahma. Pintonan karinding ilaharna dipidangkeun ku lima urang, paling saeutik alusna ku tilu urang, hiji diantarana salaku juru kawih.
Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding teh dipidangkeun jeung takokak (alat musik dijeuna tina kai ipis, bentukna jiga daun).
2. Kagunaan
Karinding mangrupa alat keur ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina vibrasi jarum karinding nyaèta sora handap low decible, malahan mah takokak nyieun sorana tina gesekan alat jeung garis dampal leungeun, tah sora anu kaluar ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari disebutna sora handap èta tèh ultrasonik.Tah keur anu ngamaènkeunana ngarah betah di sawah tèh nyaèta disorakeun ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kadang dipadukeun jeung alat musik lianna.
          Cara maénkeun karinding bédana jeung alat musik jenis mouth harp lianna nyaèta ditepak, sedeng alat sejenna ditoèl, ieu ngagampangkeun dina manggihan wirahma anu loba, malah mah ketukan tina waditra karinding ieu disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula nya makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua jeung saterusna. Ku euyeubna sora nu dijieun ku karinding mah bisa nyieun sora kendang, goong, saron bonangna, karasa, atawa bass, rhytm, melodi sagala, tepi ka bisa nyieun lagu ku karindingna sorangan, ieu sabab beda dina cara nepak jeung nyieun sora dina baham leuwih hampang. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, lamun urang tos parigel dina ngulinkeun sora karinding, bakal kapanggih jeung nyieun sora keur ngomong, tapi sora anu kaluar sada sora robotik.
Kanggo terjemahan mangga ditaroskeun ka jalmi pituin Sunda.
Sumber : wikipedia

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More